BEUNGKEUTKEUN
Najan ukur saliwat...
Urang kantos meungkeut geugeut pagulung kalbu...
Najan ukur sareret...
Urang kantos amprok teuteup pacantel sukma…
Najan ukur sajorelat...
Urang kantos nali asih pakait ati...
Mung carita ngan ukur jadi carita...
Mangsa waktu nu jadi indung teu ngajurung...
Wanci kala nu jadi bapa teu miara...
Duriat kapegat ngajadi sesebit wanci...
Geulis... Bageur...
Kiwari anjeun gugupay ngumbar katineung..
Ngentep deudeuh nyulam katresna...
Ngintun eunteung paniir wanci...
Ngagudir ati ngeundagkeun rasa..
Hampura akang... Jungjunan...
Lain nyapirakeun luhungna cinta katukang...
Lalampah urang katungtung waktu...
Maparin carangka tanggung waruga..
Mo ngawidi mungguh ngahiji gelar birahi..
Keun... Panutan...
Moal rek miceun moal rek megatkeun pangersa...
Urang gigihkeun na tali nu agung ku harti...
Urang asakkeun na tali nu abot ku ajen..
Beungkeutkeun...Tali silaturahmi...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar