Rabu, 23 November 2011
Rabu, 19 Januari 2011
Gurat Dadasar Sukma...14
PEGAT DURIAT
Geulis...
Naha salira meungpeun pangarti ku rasa iri
Poek hate dihade-hade
Agul rasa dipuja-puja
Hilap kana pasini wanci patali
Milah kanyaah sanes beberah
Pegat duriat lain ilapat
Nyinglar katresnan gantung harepan
Nyeri peurih jangji panglayar
Geulis...
Naha salira nyimbut diri ku rasa dengki
Ruhay ati na sanubari
Heab amarah sagurat manah
Megatkeun rasa tapak lalampah
Najan akang kedah wakca ka era
Ngeclakeun ciibun kaca waruga
Moal sungkan moal rek wirang
Wasuh bangbaluh nu jadi pakewuh
duh...Jungjunan...
Hapunten ... geulis...
Gurat Dadasar Sukma...13
Bagja lamunan
Ibun katineung ngeyembeng lalayar na gurat damis
Maseuhan lolongkrang rasa kamelang
Najan sakapeungan ngabayabah
Lir sagara sisimbeuh basisir ati
Bray... beunta...
Imut kareueut teuteup anteb meungkeut geugeut
Tungkusan ati lir nu ngarti kahayang diri
Hibar katresnan simpay kaheman
Beu... Geuning...
Sawangan ngan ukur kalangkang, Pupujan sungkan patepang
Reup... peureum...
Wanci kasungsi geusan ngahiji pasini mungguh ngajadi
Patali pakait ati manggung gandrung na bale nyungcung
Nyangkrung Kabagjan rancucut banyu kahuripan
Gusti...
Geuning....
Ciptaan ukur Impenan..
Gurat Dadasar Sukma...12
Mungguhing
Dipayung mega aleum patuyun-tuyun
Katinggang ibun nyurucud na ubun-ubun
beurat kalah ku beuratna
Abot bati ku abotna
Teuteup soca kahaling kolebat ajen
Suni dangu sisimbut elmu kaweruh
Rarasa mo bisa diwilah-wilah
Susuhun kakantun batur pananggung
Duh Pangeran....
Mun emut kana kawasa
Asa teu sanggem nampi pamundut
Mung Anjeun pajeng kawantun
Gurat Dadasar Sukma...11
Kapegung
Dikotektak diteang disaliksik
Geter ati geugeut rumaket
Muntang kamelang gulinggasahan
Guntur pepegung mungguh halimun
Ngeteyep lampah na lengkah kala
Kabeungkeut ibun hieum pangeunteung
Mo bisa luncat kajeun werat urat saawak
Teu bisa ingkah kajeun pegat galur waruga
Carangka taneuh simbutna raga
Hejo rangkulan pageuh dodongkang
Sumujud syukur kantun seseja
Rumasa diri nyulam kanyeri
Senin, 17 Januari 2011
Gurat Dadasar Sukma...10
BEUNGKEUTKEUN
Najan ukur saliwat...
Urang kantos meungkeut geugeut pagulung kalbu...
Najan ukur sareret...
Urang kantos amprok teuteup pacantel sukma…
Najan ukur sajorelat...
Urang kantos nali asih pakait ati...
Mung carita ngan ukur jadi carita...
Mangsa waktu nu jadi indung teu ngajurung...
Wanci kala nu jadi bapa teu miara...
Duriat kapegat ngajadi sesebit wanci...
Geulis... Bageur...
Kiwari anjeun gugupay ngumbar katineung..
Ngentep deudeuh nyulam katresna...
Ngintun eunteung paniir wanci...
Ngagudir ati ngeundagkeun rasa..
Hampura akang... Jungjunan...
Lain nyapirakeun luhungna cinta katukang...
Lalampah urang katungtung waktu...
Maparin carangka tanggung waruga..
Mo ngawidi mungguh ngahiji gelar birahi..
Keun... Panutan...
Moal rek miceun moal rek megatkeun pangersa...
Urang gigihkeun na tali nu agung ku harti...
Urang asakkeun na tali nu abot ku ajen..
Beungkeutkeun...Tali silaturahmi...
Gurat Dadasar Sukma...9
*Peuting*
Teu jiga sabihara bihari...
peuting teh kawas nu ngarti kana wanci diri...
Diri nu kiwari leungiteun pangarti...
aya kanyeri... tapi teu kasungsi naon nu matak nyeri..
Katinggang rasa ringrang...
Najan teu kasawang nya naon nu jadi cukang lantaran....
Teu jiga sabihara bihari...
Peuting nu biasana hegar kiwari bet simpe...
Marengan ngulintingna pikir neuteupan tilas lalampah..
Mugi kapanggih hinis nu matak peurih..
Sugan kateang rungkang nu matak ringrang..
Hiliwir angin peuting mungguh mirig ati nu suni...
Ngagukguk nyeungceurikan gulindah rasa...
Tapak Lampah katukang diteang salengkah demi salengkah...
Wanci kamari dipikir ditiir hiji-hiji..
Peurih bati ku peurihna...
geuning....
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
:
\:/
HAYANG UDUDDDDDDDD..... warung geus nutup...!!!