Selasa, 23 Juni 2009

FREE TV STREAMING ONLINE TELEVISINDO.US

http://www.televisindo.us/
rtsp://tv.binus-access.com/broadcast/bee_rcti
rtsp://tv.binus-access.com/broadcast/bee_trans
rtsp://tv.binus-access.com/broadcast/bee_global
rtsp://tv.binus-access.com/broadcast/bee_metro
rtsp://tv.binus-access.com/broadcast/bee_one

Justin.tv - Live Streaming Video

http://www.justin.tv/
Looking for streaming movies...??

Watch streaming movies

http://www.girbi.net
For you who like movies...

Gurat dadasar sukma...8

"Kacida"

Mungguhing ati kalunta-kalunta
Neuteup rasa rembey cisoca
Nganti wanci manteng kanyeri
Nincak lampah gupay kasusah

Mungguhing ati titi pinasti
Teuleum sumerah mangsa papisah
geugeut sumereb pegat kadeudeuh
Nuyun suni jeroning sukma

Gurat dadasar sukma...7

Gulindah Ati

Ditiir hiji-hiji naon nu jadi gulindah ati
teu kasungsi.. teu kaharti....
Najan diri pulang anting megat wanci

Disawang...
Nu katembong ukur kamelang
Diteang..
Nu ngalangkang ukur hariwang

Asa diganggayong kala
Dikeukeuweuk mangsa, dipelak sudra
Galih ati galindeng sangsi
Hate ka haling raga ka harung

Duh jungjunan....
Teu sanggem nyinglar teu kiat nyuway
Nyurucud ci ibun cahya teuteup
Kasuat hinis galur waruga

Gurat dadasar sukma...6


Amarah

Nyungkal aral meuleum amarah
Kasedek ambek kajurung napsu
Hayang haok teu bisa pok
Peureup totonjok kahalang kagok

nyepak kalangkang simbut larangan
meupeus keuyang hurung teuteupan
Tanaga midek nyuhun beungbeurat
hate ngagolak tutung rangkulan

Gurat dadasar sukma...5

Marojengja

Hempak merbayaksa na dadasar sukma
gumuruh banyu golontorna geutih
Teu kawadahan ku waruga, Teu katedunan ku harigu
ngabayabah maseuhan manah nu keur owah

Naha hate bet marojengja
Kiwa hayang diseja, Katuhu mungguh digugu
Kaler teu bisa paler, Wetan muntang lamunan
Hayang ngejat langkung kaiwat
Ngingkig indit beuki kabeulit

Nyawang sorangan nuyun lelewang
Ditutur...
Matak paur mamapay galur
Disinglar...
Pageuh meungkeut simpay gugupay

Duuuh... Pangeran...
Mun bisa sulaya raga
Moal sungkan nilar kaboga
Mung Anjeun nu Kawasa
Lungsur pituduh Langsar panglayar

Gurat dadasar sukma...4

Geusan kaala

Mun Cinta geusan kaala..
Mun asih pareng kadugi...
Menta rasa matak kabita...
meuli ati jadi panganti....

Teu kaduga mun kudu lunta..
Teu kadugi mun kedah ngungsi...
Hayang badag pasti kabedag..
Hoyong leutik moal ditampik....

Gurat dadasar sukma...3

Kabengbat

Haleuang tresna na jero dada...
Hariring asih minuhan ati...
Meuleum geugeut udar kasuka...
Nyimbeuh deudeuh kedalna Cinta...

Nyungsi wanci ngalampah mangsa...
nyukcruk waktu galur ti Luhur...
Sosoca ati jadi pangarti...
Rugrug lamunan bengbatna rasa

Gurat dadasar sukma...2

"Malati geusan kaala"

Malati tungkusan ati
Hegar ligar kembang kaheman
Teu wasa mun kedah ngala
Teu wantun mun kudu ngintun

Tuus luuh kabeuleum deudeuh
Manteng tresna ngagolak rasa
Sanajan paur teu sieun gugur
Muput kawantun nguji kawani

Niti wanci mamapay kala
Kalangsu waktu kasasar mangsa
Teu disangka teu dinyana
Gelenyu kalbu bengrasna soca
kiwari.... Malati geusan kaala

Gurat dadasar sukma...

Malati

Najan Anggang teu kungsi tepang....
Teuteup munggaran tumpak lamunan....
Geugeut rangkulan dangdos impenan...
Imut gandrung meungkeut sawangan....

Kacugak raga ku rasa era
Mungkus kahayang ku rasa loma
Najan teu kapetik najan teu kaala
Ngaca diri ngeunteung kaboga

Unggal ngalangkang balik teuteupan
Sieun kabadug paur kapincut
Kembang Malati putri di taman
Galeuh deudeuh gupay kalakay