Selasa, 23 Juni 2009

Gurat dadasar sukma...5

Marojengja

Hempak merbayaksa na dadasar sukma
gumuruh banyu golontorna geutih
Teu kawadahan ku waruga, Teu katedunan ku harigu
ngabayabah maseuhan manah nu keur owah

Naha hate bet marojengja
Kiwa hayang diseja, Katuhu mungguh digugu
Kaler teu bisa paler, Wetan muntang lamunan
Hayang ngejat langkung kaiwat
Ngingkig indit beuki kabeulit

Nyawang sorangan nuyun lelewang
Ditutur...
Matak paur mamapay galur
Disinglar...
Pageuh meungkeut simpay gugupay

Duuuh... Pangeran...
Mun bisa sulaya raga
Moal sungkan nilar kaboga
Mung Anjeun nu Kawasa
Lungsur pituduh Langsar panglayar

Tidak ada komentar: